jagat alit lugiena dé

Sataun Campleng

    Ampir sataun Lur, ieu situs teu diuma-omé. Kabayang wé éta nu maca. (Kétah aya kitu nya nu macana?) Nu kasampak téh éta deui, éta deui. Boseneun jigana téh. Heueuh kitu téa mah uing tambelar. Tapi ti ngawitan danget ayeuna mah lumayan tos rada dirugal-rigel sakedik, sapertos ngarugal-rigel anggaran APBD.
    Aya sababaraha sajak anu ditaplokeun. Muhun lumayan wé, batan henteu teuing. Hé hé hé.... Di antawisna sajak-sajak anu janten pinunjul dina lomba ngarang sajak PPSS 2008. Alhamdulillah, pris jadi juara harepan. Bareng jeung Toni Lesmana, rai patuanganana (maksad téh adi beuteung) Godi Suwarna.
    Nya salajengna mah nyanggakeun baé ka nu maos. Hideung beureumna teu langkung. Bilih badé dikopi, mangga. Kanggo aoseun di bumi. Atanapi témpélkeuneun di kamar mandi. Sugan siram téh engké mah bari gagarawakan déklamasi sajak.
    Cag!